Padamelan Rasul-rasul 6
Anu aranut ka Yesus beuki loba bae. Hiji mangsa urang Yahudi anu ngaromongna basa Yunani, kukulutus ka urang Yahudi pribumi, lantaran ngarasa randa-randana disapirakeun dina urusan pangbagian rejeki sapopoe.
Ku sabab kitu pakumpulan teh ku dua welas rasul dipiwarang kumpul. Saur rasul-rasul, "Teu hade lamun urang nepi ka henteu ngawurukkeun pangandika Allah lantaran nguruskeun bae sual duit.
Ku sabab kitu, dulur-dulur, coba neangan jelema tujuhan ti urang keneh anu geus kanyahoan dieusian Roh Suci jeung berbudi, urang angkat pikeun ngatur urusan kitu,
supaya urang bisa jongjon neneda jeung ngawurukkeun pangandika Allah."
Eta nasehat kacida pada ngarempuganana. Seug pakumpulan teh milih tujuh jelema, nya eta Stepanus, jelema pengkuh iman jeung dieusi Roh Suci, Pilipus, Prokorus, Nikanor, Timon, Parmenas, jeung Nikolaus urang Antioki anu asup agama Yahudi.
Tuluy dideuheuskeun ka rasul-rasul, ku rasul-rasul dipangnedakeun ka Allah, mugi-mugi pagaweanana diberkahan.
Pangandika Allah beuki sumebar, anggota pakumpulan beuki nambahan, malah loba imam anu jadi palercaya ka Yesus.
Stepanus kacida diberkahanana ku Allah jeung dipaparin pangabisa nembongkeun perkara-perkara anu ajaib jeung aheng ka jalma-jalma.
Tapi anjeunna dilawan ku sawatara anggota golongan anu disebut "Imah Ibadah Jalma-jalma Bebas", nya eta urang Yahudi ti Kirena jeung Aleksandria. Bareng jeung urang Yahudi ti Kilikia jeung Asia maranehna ngajak padu ka Stepanus.
Tapi ku panuyunna Roh Suci, Stepanus kacida percekana, sagala kasauranana ku maranehna teu bisa dibantah.
Ku sabab kitu maranehna terus ngupah sawatara jelema sina ngaromong kieu, "Eta jelema omonganana ngahina ka Musa jeung ka Allah!"
Jadi maranehna teh ngangsonan ka jalma rea, ka para kokolot, jeung ka guru-guru agama, nepi ka Stepanus ditangkep dibawa ka Mahkamah.
Maranehna nyanghareupkeun oge sawatara jalma, sina mere katerangan palsu ngeunaan Stepanus. "Ieu jalmi," ceuk eta saksi-saksi palsu ka Mahkamah, "mung ngagogoreng bae Bait Allah anu suci sareng Hukum Musa.
Kantos nyebatkeun yen Yesus urang Nasaret bakal ngaruntuhkeun Bait Allah sareng rek ngarobah adat istiadat urang anu turun-tumurun ti Musa!"
Nu araya di Mahkamah kabeh mencrong ka Stepanus, katarenjoeun raray Stepanus mani kawas raray malaikat.